Ramalan Bintang Capricorn 21 Desember 19 Januari

. Sabtu, 30 November 2013
Ramalan Bintang Capricorn Versi Sunda
 
Hirup teh salawasna papasangan. Aya beurang aya peuting. Aya poek aya caang. Aya aki aya nini.
Aya emang aya bibi. Aya lalaki aya awewe.

Lamun minggu ieu karasana hirup asa titatarojong, da boga urang sorangan, kunaon  bogah ka sajinis.
Untung bae bogohna teu katutuluyan kulantaran kaburu eling yen urang teh geus teu eling.

Kasehatan.
Resikona urang mindeng huhujanan, jadi we awak urang katajang AIDS (Atuk Ilek Dan Sabagainya). Dina minggu hareup kudu ati-ati kulantaran penyakit heubeul jadi deui...nyaeta TBC (Tekanan Batin Cinta).

Rezeki
Nu nawaran digawe lain hiji dua, tapi loba pisan. Komo deui lamun digawena bari teu kudu digajimah.
Kahade entong meuli ucing dina jero karung, kuduna meuli ucing mah dina kandang.
Rezeki dina minggu ieu, wayahna receh hungkul, lantaran tanggal kolot kamari urang kakara meupeuskeun cengcelengan.

Asmara
Rada riweuh, da bongan bet bogoh ka nu teu bogoheun. Tapi sing sabar bae, da nu sabar mah tara . . . kabagean. Ceuk paribasa " alon - alon asal kalakon " kudu bener - benr di pilampah.
Leukeunan jeung tungguan. Insya Allah sabada ditungguan mah Si Manehna bakal . . . dikawin batur.

0 komentar: